Rabu, 25 November 2015

Haiku Sunda Lembur Kuring 2

Baheula lembur asa teu kieu
Gunung hejo
Tetempoan ngeunah
Panon bersih

Na ayeuna
Gunung robah jadi pabrik
lalogak jiga diliangan ku undur-undur
panon ngan jadi tempat gigisik

Sajak Sunda Kampungku

Deuk indit kamana
Deuk sajauh mana
Deuk nepi mana
Pasti moal kamana

Lembur gunung
Lembur nu imahna panggung
Lembur tiis
Lembur nu geulis

Deuk lumpat kamana
Deuk mabur kamana
Deuk betah dimana
Pasti nineung jeung moal kamana

Lembur nu pinuh ku asih
Lembur nu tentrem
Lembur nu can kacebor ku budaya deungeun
Tah ieu lembur kuring

oleh : Ali Abdulloh 20 Desember 2014