Selasa, 05 Maret 2013
fikmin sunda
fiksi mini : "SAKUR NGIMPI" ku nu gaduh blog hehe
peuting anu sakitu poekna, langit anu sakitungabelgbeg hideungna, bulan anu teu wani nembongan wujudna ka alam dunya
tapi teu ngurebkeun hate anu keur kacida bungahna.
kusabab keur ngobrol paduduaan jeung manehna. pepelong-pelong make rasa anu kacida bedana nyaeta make rasa cinta,
pacepeng-cepeng leungeun, karasa pisan dunya teh asa milik duaan.
ngaleatan peuting paduduaan asa kuendah pisan, pas hayang ngedalkeun kereteg hate jeung kahayang napsu...
"hudang siah, geus beurang hararese teuing ari hudang teh kabiasaan." sora indung nyarekan naghudangkeun kuring.
"astagfirulloh sugan teh nyaan, pek teh ngan sakur ngimpi". dina hate kuring.
Kamis, 10 Januari 2013
fikmin sunda
Dititah Nyandung
Ku Asep Santo
Di hareupeun laptop kuring suraseuri sorangan, ''nuju naon bah ?'' pamajikan nanya bari nyuguhan teh manis gula aren, ''nuju macaan fikmin basa sunda'' tembal kuring bari tuluy nanya ''timana kita mah?'' anu ditanya teu nembalan tapi kalahka ngadeukeut bari nyarita '' bah saur ustadz Adnan, aya lalaki datang ka ajengan minta diajar kumaha sangkan hirup bahagia, ku ajengan dititah nyandung tapi kedah langsung tilu pamajikan''. Wah..naon usaha si lalaki eta kitu mah?''. kuring nanya panasaran. ''tukang ngala suluh, biasana ngalah suluh saukur ngan jang dapur hiji pamajikan tapi saenggeusna nyandung ngala suluh jang tilu pamajikan, bakat ku kacapean si lalaki nepika lumpuh , kusabab lumpuh ahirna dibageakeun ku pamajikana.Tah..bilih babah rek nyandung mamah ridho asal langsung ka tilu pamajikan.''
kuring seuri haseum bari ngageurenteus dina jero hate'' rajen nitah nyandung bari nyingsieunan lumpuh! embung ah! goreng tungtung''...
fikmin sunda
Ngalalana
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Katebak angin. Pluk, dina taktak nu numpak motor. Motor ngadius tarik. Tipepereket muntang, sieun ragrag. Anjog ka hiji gedong. Motor eureun. Milu asup jeung manéhna ka jero rohangan nu lampuna bruy- bray. Sora tatabeuhan ngagegembrung. Jalma-jalma tingarigel. Suka bungah. Matak hareugeueun. Tuluy muru bar, mesen inuman. Gék, diuk deukeut awéwé nu titadi ngelétan. Ngobrol bari tepak toél. Geugeut. Terus dibandungan tina luhur taktakna. Jung, maranéhna narangtung. Pabaur jeung nu lian. Ngigel. Milu kabawa ancul-anculan, ku awakna nu oyag, motah. Matak urug angen. Nu ngigel beuki pogot. Dibarung silih-teuteup ngahudang birahi. Ngigelna eureun. Tuluy tinglaléos ninggalkeun rohangan. Arasup ka kamar. Kapaksa jadi ngalalajoan nu otél mudalkeun birahi. Campego ‘na baju nu ngalumbuk luhurun ranjang.
fikmin sunda
Panyakit Nu Ngulinkeun Nasib
Ku Jejen Jaelani W
“Manawi teu kaabotan, naha kersa saupami ngajujut panyawat salira!” Tanya Resi Palasara, daria.
Setyawati unggeuk bari teras medar panyakit bau hanyirna. Carita panyakit nu teu weléh ngulinkeun nasibna. Najan kitu terah Prabu Basuparisara teu nyalahkeun sasaha, bau hanyir ragana éstuning ditarima kalawan pasrah.
Mireng jujutan panyakit bau hanyir Setyawati, Resi Palasara ngarasa reueus ku sikep pasrahna. Tekadna éstuning buleud pikeun nyageurkeun wanoja tanggoh terah Cediwiyasa.
Kembang-kembang welas asih mingkin ngarandakah, seungitna nyambuang taya hinggana. Tekad sang resi mingkin buleud malahmandar sang Déwi hirup-huripna waluya.
Lalaunan Resi Palasara ngusap raga Setyawati, usap nu pinuh welas asih. Dina waktu nu sakiceup bau hanyir Setyawati sirna, gagantina nyambuang seungit kembang kasturi, kembang-kembang nu ngarandakah na haté sang sudéwi. Setyawati kebek ku kabungah bari muji sukur ka Hyang Wisésa.
fikmin sunda
Dongéng Sabatang Lilin
Ku Dé Goeriang Kusmawan
"Enung, Engkang lain bulan! Nu satia nyaangan peuting-peuting, nu bisa nuyun rasa jeung rénghap salira, mépéndé maturan simpé ku rapangna béntang-béntang impian salira."
"Enung, Engkang lain srangéngé! satia nyaangan beurang, nganteur unggal léngkah jeung tékadna, salawasna maparinan salira ku rongkahna duriat."
"Enung, Engkangmah saukur sabatang lilin! Ngan ukur bisa maturan peuting salira ku saketmét cahya. Tapi salira masing percaya, engkang bakal tetep nyaangan salira saumur waruga engkang masih aya. Engkang sadia miasih salira sanajan kudu ngahuru hirup engkang sorangan."
Kabogoh Oon
Ku Een Suhenda Achjani
" Neng, kulantaran urang teh geus lila papacangan, kumaha wae mun ku Akang urang cancang Neng teh? "
" Duh, si Akang mah bet disaruakeun jeung embe Eneng teh, make rek dicangcang sagala. Geus ah kang semet dieu wae hubungan urang teh! " kituna teh bari ngadingdiut ceurik...
" Aduuuuh...." lalakina teh bari jeung kapiuhan.
fikmin sunda
TarompÉt Tutup Taun
Ku Dadi Arya
Caang bulan. Jalma tinglaliud sajajalan. Ranggém tarompét. Lampu tingbarasat. Luncat ti gedong ka gedong. Luak-léok nuturkeun wirahma musik nu disetél. Dina mobil, warung, kapé, supermarkét. Di saban juru alun-alun. Campuh jeung jengérna tarompét. Masjid agung ngadadak metet. Nu daratang, ayeuh-ayeuhan. Tingréngkénék luhureun karpét. Sajadah imam ngariut. Bedug-kohkol caméot. Carampego di tempat wudu.
Peuting beuki maceuh, nepi ka nyedek tengah peuting. Kubah masjid dikakat. Dibébérkeun jadi layar countdown. Minangka iber taun lekasan. Angkana tuluy ngurangan. Kabéh mencrong bari réang babarengan, “Lima!...Opat!...Tilu!...Dua!...Hiji!...”
“Tuoééé...tt!” Ngelewung, handaruan. Nyela sapersekian detik, méméh jalma-jalma niup tarompétna. Kabéh calangap. Kasima ku sorana. Geueuman. Jep! Jempling jeroeun jempling. Lampu, musik areureun. Taya nu lemék. “Andika geus nepi kana mangsana...!” Sora agem naker. Bedas. Ngabelesat, ngarangsak sukma. Tarompét rapluk. Awak-awak ngarumpuyuk. Lampu-lampu baritu. Gedong-gedong inggeung. Tuluy gemprah, rata. Bulan ngalakay. Béntang muguran.
Peleték, tujuh srangéngé bijil peuting harita.
Langganan:
Postingan (Atom)