Kamis, 10 Januari 2013

fikmin sunda

Layon
Ku Ari Andriansyah
Karma. Angger nyegruk. Pageuh ngarangkul layon indungna. Kenténg molongo. Suhunan ngaharelob. Bilik bolongor. Sarta salambar haté nu tobros. Jadi isarah lawas saniskara lalakon. Sedeng saluareun imahna. Lana tunggon. Mangpirang congo bedog. Sora-sora nu ngahurup ti saban pongpok. “Kami teu sudi narima bangké dukun teluh...!” Karma. Panonna beuki lamur mudalkeun rembes. Bet ngolébat kalangkang bapana. Salikur taun kalarung. Dina dahan nangka ngagantung. Sanggeus ngaduruk hiji bandéra partéy. Ngolébat deui ringkang-ringkang urang lembur. Nu cenah nilar diwerejit. Kiwari. Sakabéhna lir ruruhit ngajarumat kukuru waruga dina lahunan. “Wayahna, Ma Suti ulah dikurebkeun di ieu lembur...” RT Salim dareuda. Karma. Teu némbal. Karasa aya nu leuwih ngagerihan. Laju ngagolérkeun layon luhur rarangsak samak. Ngadongkang samping rawing gigireunna. Diteuteup. Anteb. Diruruban lalaunan. Jumarigjeug. Mayang ka luar. Golédag. Digolérkeun dina gorobag rongsokan. Meuntasan pirang-pirang supata. Meuntasan sarakan. Meuntasan rurungga kapeurihna. Ti poé ka poé. Nyorang anggang. Negarkeun rurujad ingetan. Rumanggieung. Nyunyurung gorobag jeung layon ditapuk laleur.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar