Kamis, 10 Januari 2013

fikmin sunda

Panyakit Nu Ngulinkeun Nasib
Ku Jejen Jaelani W
“Manawi teu kaabotan, naha kersa saupami ngajujut panyawat salira!” Tanya Resi Palasara, daria.
Setyawati unggeuk bari teras medar panyakit bau hanyirna. Carita panyakit nu teu weléh ngulinkeun nasibna. Najan kitu terah Prabu Basuparisara teu nyalahkeun sasaha, bau hanyir ragana éstuning ditarima kalawan pasrah.
Mireng jujutan panyakit bau hanyir Setyawati, Resi Palasara ngarasa reueus ku sikep pasrahna. Tekadna éstuning buleud pikeun nyageurkeun wanoja tanggoh terah Cediwiyasa. Kembang-kembang welas asih mingkin ngarandakah, seungitna nyambuang taya hinggana. Tekad sang resi mingkin buleud malahmandar sang Déwi hirup-huripna waluya.
Lalaunan Resi Palasara ngusap raga Setyawati, usap nu pinuh welas asih. Dina waktu nu sakiceup bau hanyir Setyawati sirna, gagantina nyambuang seungit kembang kasturi, kembang-kembang nu ngarandakah na haté sang sudéwi. Setyawati kebek ku kabungah bari muji sukur ka Hyang Wisésa.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar