Kamis, 10 Januari 2013

fikmin sunda

TarompÉt Tutup Taun
Ku Dadi Arya
Caang bulan. Jalma tinglaliud sajajalan. Ranggém tarompét. Lampu tingbarasat. Luncat ti gedong ka gedong. Luak-léok nuturkeun wirahma musik nu disetél. Dina mobil, warung, kapé, supermarkét. Di saban juru alun-alun. Campuh jeung jengérna tarompét. Masjid agung ngadadak metet. Nu daratang, ayeuh-ayeuhan. Tingréngkénék luhureun karpét. Sajadah imam ngariut. Bedug-kohkol caméot. Carampego di tempat wudu.
Peuting beuki maceuh, nepi ka nyedek tengah peuting. Kubah masjid dikakat. Dibébérkeun jadi layar countdown. Minangka iber taun lekasan. Angkana tuluy ngurangan. Kabéh mencrong bari réang babarengan, “Lima!...Opat!...Tilu!...Dua!...Hiji!...” “Tuoééé...tt!” Ngelewung, handaruan. Nyela sapersekian detik, méméh jalma-jalma niup tarompétna. Kabéh calangap. Kasima ku sorana. Geueuman. Jep! Jempling jeroeun jempling. Lampu, musik areureun. Taya nu lemék. “Andika geus nepi kana mangsana...!” Sora agem naker. Bedas. Ngabelesat, ngarangsak sukma. Tarompét rapluk. Awak-awak ngarumpuyuk. Lampu-lampu baritu. Gedong-gedong inggeung. Tuluy gemprah, rata. Bulan ngalakay. Béntang muguran.
Peleték, tujuh srangéngé bijil peuting harita.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar