Kamis, 10 Januari 2013

fikmin sunda

Dititah Nyandung
Ku Asep Santo
Di hareupeun laptop kuring suraseuri sorangan, ''nuju naon bah ?'' pamajikan nanya bari nyuguhan teh manis gula aren, ''nuju macaan fikmin basa sunda'' tembal kuring bari tuluy nanya ''timana kita mah?'' anu ditanya teu nembalan tapi kalahka ngadeukeut bari nyarita '' bah saur ustadz Adnan, aya lalaki datang ka ajengan minta diajar kumaha sangkan hirup bahagia, ku ajengan dititah nyandung tapi kedah langsung tilu pamajikan''. Wah..naon usaha si lalaki eta kitu mah?''. kuring nanya panasaran. ''tukang ngala suluh, biasana ngalah suluh saukur ngan jang dapur hiji pamajikan tapi saenggeusna nyandung ngala suluh jang tilu pamajikan, bakat ku kacapean si lalaki nepika lumpuh , kusabab lumpuh ahirna dibageakeun ku pamajikana.Tah..bilih babah rek nyandung mamah ridho asal langsung ka tilu pamajikan.'' kuring seuri haseum bari ngageurenteus dina jero hate'' rajen nitah nyandung bari nyingsieunan lumpuh! embung ah! goreng tungtung''...

1 komentar:

  1. Lucky Club Casino Site - Live Baccarat - Live Odds and
    Lucky Club Casino Site · All you need to do is register a new account, you will receive a luckyclub.live $20 bonus and a 100% match bonus. · Make a deposit for yourself to use the site. ·

    BalasHapus