Kamis, 10 Januari 2013

fikmin sunda

Dongéng Sabatang Lilin
Ku Dé Goeriang Kusmawan
"Enung, Engkang lain bulan! Nu satia nyaangan peuting-peuting, nu bisa nuyun rasa jeung rénghap salira, mépéndé maturan simpé ku rapangna béntang-béntang impian salira." "Enung, Engkang lain srangéngé! satia nyaangan beurang, nganteur unggal léngkah jeung tékadna, salawasna maparinan salira ku rongkahna duriat."
"Enung, Engkangmah saukur sabatang lilin! Ngan ukur bisa maturan peuting salira ku saketmét cahya. Tapi salira masing percaya, engkang bakal tetep nyaangan salira saumur waruga engkang masih aya. Engkang sadia miasih salira sanajan kudu ngahuru hirup engkang sorangan."

Tidak ada komentar:

Posting Komentar