Kamis, 10 Januari 2013

fikmin sunda

Situ Cisanti
Ku Muhammad Shohiba Nu'man
“Mun ditolak kénéh mah, urang rék pindah gawé. Sial di dinya mah!” Wiwi ngecewis. Dua jempolna teu reureuh mencétan hénpon. “His, tong sompral kitu. Urangah moal. Sanajan gajih leutik gé, hésé capé meunangkeun A Baban,” Enur semu agul. Leungeunna leukeun metotan daun camara nu ngaroyom ka jalan satapak. Sisieun situ Cisanti. Poé Minggu. Jalma-jalma tinglaliud. Ti siklakna-ti siklukna. Nu mayoran. Nu barobogohan. Tapi lolobana mah nu ngadon ngareueum palebah sirah caina. “Di dieu waé ieu téh dipiceunna?” Wiwi nanya. Enur unggeuk. Laju ngalungkeun samping jeung calana jero, pikeun salinna. “Tong poho kencring panyinglar, Kenééng..! Teuleumkeun baé ka dinyah!” Nini Kuncén mairan satukangeun maranéhna. Seupah ngabulaéh, panonna gular-giler, “Tuh tuh tuh! Teu weléh totondén hadé,” jéréwétna bari tutunjuk ka peuntasna. Nu nguseup nyanggut. Jeujeurna pepelenodan. Barang hol, cangcut rawék beurat ku leutak

Tidak ada komentar:

Posting Komentar